RADAR JABAR - Poé ieu, Salasa, 21 Fébruari 2023 rahayat sadunya miéling poé basa Indung Sadunya. Naon nu disebut basa indung?
Basa indung nyaéta basa di hiji wewengkon—basa nu diajarkeun ku kolot ka anakna. Lamun hiji jalma lahir jeung gedé di lingkungan Suku Sunda, nya basa Sunda nu diajarkeun pangmimiti na ka manéhna.
Sanggeus bisa basa Sunda, tuluy diajar basa Indonésa jeung basa asing lainna jang interaksi, boh jeung lingkunganna dina séktor informal atawa dina séktor formal, siga sakola.
Baca Juga: 5 Jenis Makanan yang Khas dan Populer di Tanah Sunda
Jumlah basa indung sadunya loba pisan, tapi loba ogé nu kaancam tumpur. Ceuk data nu dikaluarkeun ku UNESCO, saeutikna aya 90 nagara nu miboga kelompok suku atawa etnis nu maké basa indung. Jumlah basa indung sadunya kurang leuwih aya 7.000.
Fakta nu pikawatireun, nyaeta aya 2.680 basa nu kaancam tumpur tina peradaban manusa. Sanajan aya kurang leuwih 370 juta urang nu masih maké basa indung, tapi jumlah éta beuki dieu beuki nyaeutikan.
Salengkapna baca dina ieu link:
Artikel Terkait
Hari Jadi Bogor ke-540, Paripurna Kenakan Pakaian Pangsi hingga Gunakan Pengantar Bahasa Sunda
Ada Bayi di Toilet Indomaret Jalan Sunda Bandung, Masih Hidup Begini Kronologinya
5 Jenis Makanan yang Khas dan Populer di Tanah Sunda